Selamat datang semoga nyaman disini, bermanfaat dan jangan lupa bagikan tulisan ini

Wednesday, May 8, 2013


CONTOH DRAMA SUNDA

EYANG KUFUR

PERAN-PERAN :
eyang
icih       :  istri 1
siti        : istri 2
markonah    : istri 3
euis             : calon istri
isum            :  umi euis
juminten       :   bibi eius
ijem              : pembantu eyang
penangih hutang  :   
penghulu  :

BABAK 1
Si ijem  keur sasapu di ruang tamu, bari gual-geol centilna, ngaliwat eyang bari ngahereyan si ijem, puguh we si ijem makin jejeretean teu puguh
Eyang : ijem (bari noel )
Ijem.   : (ijem seri)
Tuluy datang pamajikan eyang nu ka hiji nyaeta icih anu bawelna kacida
Icih.     : eyang..... (Ngajerewet) nanaonan bieu. Sura seri jeung si ijem
Eyang. :eyang mah rek kakamar mandi
Ijem.    : muhun nyonya
Icih.     : naha tadi sura seri ka eyang maneh ijem? Geus teu betah gawe didinyeu
Ijem.   : hapunteun nyonya, abdi mah ngawaler serina eyang
Icih.    : tuh geuning eyang nu tiheula seri, meuni gumasep pisan
Eyang : pan seri the ibadah icih
Ijem.   : tah eta, ibadah icih "ech"
Icih.    :ech, naon bieu ijem
Ijem.  : heunteu nyonya heunteu "untung saliwang (ngaharewos)
Eyang : beres beres,eyang rek mandi.ijem balik kadapur bereskeun pagawean
Ijem.   : mangga nyonya
Icih.    :(muka jamedud)
Babak II
Isuk isuk eyang ngageroan pamajikan pamajikana nu aya 3 di ruang tamu
Eyang : mimih mimih,kadieu kumpul
(Icih,siti,jeung onah) datang
Icih.   : bade naon eyang
Eyang : eyang bade menta ridho ti mimih sadaya
Siti.   : ridho kanggo naon pipih? Mimih siti mah pasti mere ridho ka pipih
Eyang : lamun eyang nambah deui 1, kembae tong
Siti.   : atuh kembae, sok onah geura isian
Onah : ach onah mah moal waka isian,nyaah awak kos model kieu. Engke we umur 20 an
Eyang : hor lain nambah anak mksud pipih mah, tapi nambah pamajikan










Siti : hor, atuh ulah
Onah : naha eyang hayang boga pamajikan deui? Kurang naon kami?
Eyang :kurang ngora onah
Onah : 17 taun masih kurang ngora
Icih : kami kurang naon ? Geus gelis,sholeh, komo icih mah pang bohayna kieu
Onah : naha teu era ku umur
Eyang : alah muhammad gepan boga pamajikan puluhan.naha pipih teu meunang.geus ayeuna mah kieu saha nu satuju pipih kawin deuin ku pipih dibere perhiasan
Icih, siti, jeung onah sarempak ngajawab : sok atuh pipih satujulah
Babak III
Eyang indit kaimah euis anu bakal dipiistri kumanehna
Eyang :asslmualaikum
Isum:waalaikum salam.eh eyang ning,mangga2 kalebet.mangga bage leueut naon eyang
Eyang :teu kedah repot repot umi,euisna aya?
Isum : aya,kin sakedap urang sauran,
Eyang :muhun umi
Isum :neng,,, ieu aya eyang
Euis :eyang, muhun kin bade dandan heula
Eyang :euis mah teu kedah dandan ge tos geulis
(Euis datang)
Eyang : eleh eleh nambih geulis we ieu euis
Euis : ah eyang:)
Isum : aya periogi naon eyang ngadadak kadieu
Eyang :kieu umi, eyang ngamaksud bade ngapiistri euis. Umi satuju heunteu
Isum :ah da umi mah kumaha euis we.euis kumaha
Euis : :) euis mah kumaha restu umi we
Isum :sura seri kitu mah bangun hoyong, asal anak umi ulah dicandung
Eyang :eyang mah kolot ge masih perjaga umi,euis hoyong mas kawin naon
Euis : euis mah kumaha eyang we
Isum : ech pan euis mah hoyong mobil mercedes berem lin
Euih :eum, muhun
Eyang : siaplah umi,minggu payun urang mulai acarana
Isum : muhun,
Eyang :mangga atuh umi bade uwih nyiapkeun heula persiapanna
Isum : mangga eyang.
Eyang : mangga euih
Euis : muhun eyang, hati hati dijalan
(Eyang balik kaimahna, tuluy nyamperkeun ijem nu keur ngepel di ruang tamu)
Eyang : ijeummm...
Ijem : bade naon eyang
Eyang: kieu, eyang minggu harep rek kawin ka si euis anu aya dikampung bareno
Ijem : tuluy naon hubunganna sareng ijem
Eyang :ijem kin ngiring sareng eyang jadi saksi dipihak eyang,tapi tong beja beja ka nyonya'
Ijem : jaminanna naon eyang
Eyang : tenang ku eyang dibere uang licinn
Ijem: siap lah eyang
Babak 4
Acara perkawinan, euis didandanan
Juminten :euis tos siap nikah
Euis :اِنْشَاءَاللَّه siap bi
Juminten :kunaon teu ngalanjutkeun sakola smp heula
Euis :pan teu aya biayana bi
Juminten :ari eyang eta tos kaduh istri teu acan
Euis :teu acan atuh bi,lamun tos gaduh mah euis ge alim
Juminten :mudah mudahan we ya ,si eyang teu ngabohong.tos atuh geura turun,si eyang tos datang
Keur acara akad nikah
Eyang : eleh euis meuni gelis kieu
Euis : ich eyang :)
Pa penghulu :hayu urang mulai, siap
Eyang : siap pak penghulu
Penghulu : urang nikahkeun...
Kring kring sora hp eyang
Eyang : kinla pa, aya telpon ti kantor
Eyang :hallo(nyumput)rek naon onah
Onah : pipih keur dimana
Eyang :keur di kantor onah .beres keur sibuk(dipareman)
Penghulu : siap
Eyang :siap
.Penghulu :urang nikahkeun euis binti oleh sareng eyang binti subur ke maskawis mercedes berem,dibayar
Penagih hutang : hutang, eyang arek iraha  bayar uang muka mobil
Isum : saha eta eyang,? Mobil the  menang nganjuk?
Icih, siti, jeng onah datang : pipih .....
Euis :pipih ? Kasaha eta the  eyang
Eyang : duka
Icih : pipih tah ieu emas the palsu
Eyang : sut
Onah : si ijem aya di dieu deuih
Isum : aya naon ieu the eyang. Eta the  saha
Onah : kami 3 an the istrina eyang
Isum : eyang, bener eta the? Ngakuna perjaka
Juminten : pan perjaka kolot wa
Euis : (mewek ka umina)
Juminten : ceuk bibi ge tong waka percayaan, kieupan jadina
Penagih hutang :tos tong riweh, bayar heula ayeuna mah uang mukana,mun heunteu kapaksa mobilna urang cokot deui
Kabeh : repeh
Eyang subur dijiwir
Onah : nya da ai si pipih mah boga pamajikan the teu cukup ku hiji
Icih : tah eta... Da pipih mah kufur nikmat, meni teu puas di bere nikmat sakieu gedena.pamajikan 3 barohay teu bersyukur

No comments:

Post a Comment

PELATIHAN MEDIA PEMBELAJARAN ONLINE GRATIS SETIAP BULAN

  PELATIHAN MEDIA PEMBELAJARAN ONLINE GRATIS SETIAP BULAN   SUDAH 8000 lebih Calon Guru, Guru, Mahasiswa dan dosen  DI SELURUH NUSANTARA TEL...