WARISAN ABAH ENCIP
XII IPA 4
ANGGOTA :
Lisna Holipah
Muhamad zakky lazuardi
Nur Anissa Anggraeni
Ricka Widya
Rista Novel Yulianti
Ulfa Nurajizah
Wulan
Destiani Saputri
SMAN 1 PALABUHANRATU
NAMA- NAMA TOKOH
Abah encip : Muhamad zakky lazuardi
Naroh : Ricka
Widya
Neneng : Lisna Holipah
Nining : Wulan
Destiani Saputri
Nunung : Rista Novel
Yulianti
Eneng : Nur Anissa
Anggraeni
Pangacara : Ulfa Nurajizah
Dihiji
kampung aya hiji kaluarga anu kasohor bengharna nyaeta kaluarga abah encip anu
hirup jeung 2 istrina, sarta 4 anakna. Hiji poe kaluarga abah encip menang
musibah nyaeta salah sahiji istri nu kolot tilar dunya. Tiharita 3 anak abah
encip rariweuh marebutkeun harta warisan kusabab sieun harta warisan
dipasrahkeun kaistri kadua jeung 1 anakna, sagala cara dilakonan pikeun
menagkeun warisan eta.
BABAK
I
Sarengse
acara pamakaman , kaluarga abah encip balik ka imah. Abah encip kacida sedihna
ditingalkeun kuistri kolotna.
Abah : ( Abah keur ceurik diruang tamu )
Naroh : Tos atuh abah, sing tabah. Ikhlaskeun nu tos teu aya, supaya teu
jadi beban kanu
tos teu aya.
Eneng : Muhun abah sing sabar.
Tuluy
datang 3 anakna
Neneng :
Tos abah , sing sabar we ayenamah. Teteh ge da sedih.
Nining
: Tos abah.
Nunung : Ari abah nyaah ka umi mah anguran mah doakeun, atawa susul wae. (kaceplosan )
Naroh : Ayeuna mah abah istirahat heula , hayu bah ka
kamar. ( ngagandeng abah ka kamar )
Anak-anakna
nuju ngobrol diruang tamu
Neneng : Pan siabah
tos sepuh, si umi tos teu aya. Kumaha lamun ayeuna urang menta bagian warisan
ka siabah.
Nining
& Nunung : Tah eta anu nuju
dipikirkeun teh.
Neneng : Hayu atuh urang ka si abah.
Eneng : Kin deui we atuh teh, abahna pan
nuju istirahat.
Neneng : Sauran jung abahna.
Eneng :
Alim ah teh, karunya abahna. Engkin deui we nyarioskeun warisan mah teh, pan
nuju saredih keneh.
Neneng : Tong sok mamatahan.
Nining : Teunang we eneng ge kabagian
karak saeutik mah.
Eneng :
Sanes kitu teh, eneng mah teu kadodolo ku warisan. Ayeuna mah anu dipikkeun mah
kasehatan si abah we.
Nunung :
Alahhhh... iyeu budak leutik, ngomong kos kolot
Neneng
: Ieu budak so’ mamatahan. (
sabari ngajewer ceuli si eneng ).
Nunung : Jewer lah teh jewer... !
Eneng : Aw.. aw.. ampun teh.
Neneng : Sakali deui so’ mamatahan, Awass..
!
Eneng : Muhun teh..( ceurik )
Naroh
datang nyampeurkeun lantaran ngadenge sora anu ceurik,
Naroh : Aya naon ieu teh ?
Nining : eta,, bieu si eneng tisoledat.
Naroh : Eneng kunaon ?
Eneng : Teu kunanaon mi.
Naroh : kadieu urang obatan, mana nu
nyeurina ? ( sabari mawa si eneng ka kamar )
Nunung : aya bener
na oge sih teh si eneng, si abah pasti keur sedih keneh ayeuna mah, enjing deui
we ngobrol jeung si abah mah.
Neneng : muhun enjing deui we lah.
BABAK II
Poe
isukanana neneng, nining, nunung neruskeun deui obrolanana perihal warisan tea.
Tuluy
Neneng,
nining, nunung : assalamu’alaikum abah..
Abah : bade naon ieu puteri-puteri
abah isuk-isuk tos ngabageuran kieu ?
Neneng : kieu bah,
pan lisna anak pang kolotna kedap deui oge bade ninggalkeun abah da istri mah
engkin ge dicandak ku suami-suamina.
Abah : teras???????
Eneng :
kami rek nyuhunkeun bagian warisan kami.
Abah : Naon ?
Eneng :
Kami rek nyuhungkeu bagian warisan ( ngajorowok )
Nining : piraku teu kadangu abah.
Nunung :
ma’lum we teh ntos sepuh.
Abah :
naon budak teh teu sopan ngomong jeung kolot jojorowokan, normal keneh ieu
ceuli.
Neneng,
nining, nunung : oooohhhhhhhh............. hampura abah.
Abah : karak kamari ditinggalkeun ku
si umi beres rariweuh ngomongkeun warisan.
Bangun geus teu baroga pikiran.
Duh gusti nu agung, kunaon ieu budak-budak hamba teh kadodolo ku
warisan. (ceurik)
Nunung : beres teh
tong dipaksa, moal bener . engkin deui we , urang sacara halus mentana. (ngaharewos)
Neneng : tos atuh bah , hapunteun, kami
sadaya hilap.
Abah : alhamdulillah atuh ari ngartos
mah.
Kulantaran
ningali si abah reaksina kitu,
budak-budakna teh ngareuncanakeun siasat
supaya kumaha carana menang warisan.
BABAK III
Di ruang tamu abah keur ngobrol jeung istrina (naroh )
Abah :
Naroh, lamun engkin abah ninggalkeun dunya ieu, punteun we
pang ngajagaankeun anak-anak abah, sarta gunakeun harta abah sing bener jeung adil.
Naroh :
Ah abah tong nyarios kitu, warisan mah bagikeun wae ka anak-anak abah supaya adil
Abah : lamun
dibagikeun bakal jadi piparaseaeun.
Kabeneuran Neneng ngaliwat ngadangu obrolan abah jeung istrina,
tuluy nyampeurkeun nunung
Neneng :
Hey, hey bieu teteh ngadangu obrolan si abah jeung si naroh, sigana harta warisan
teh rek di ka si narohkeun jeung si eneng.
Nining : Hah..... ??? ( rewas
)
Si Eneng ngaliwat
Nunung : Neng
kadieu
Eneng : Bade naon teh ?
Neneng : Coba rayu
ku eneng, menta warisan ka abah.
Eneng : Alim ah
teh, eneng teu ngarti warisan. Da maot oge moal nyandak harta.
Neneng : Jadi
eneng embung warisan ?
Nunung ngajongklokkeun si eneng nepi ka labuh, puguh we si eneng
cerik, pas kaayan kitu Naroh datang
Naroh : Aya naon
ieu teh ?
Eneng : Henteu
mah.
Naroh : tos atuh
tong galak ka adi teh.
Neneng : adi ?
Nining : Adi tapi teu sadarah
Nunung :
Parasit aranjeun mah
Naroh :
Astagfirullah.. ( sabari indit jeung si eneng )
BABAK IV
Tisaentos ditingalkeun ku
umi , si abah kaayaanana geringan wae, budak-budakna makin riweuh masalahkeun
harta warisan.Tuluy si abah nelepon pangacara nitah datang ka imah abah
Pangacara :
Assalamualaikum
Naroh :
Waalaikum salam
Pangacara : Bapana aya
teu bu
Naroh : Muhun
aya mangga kalebet
Naroh neangkeun abah, tuluy si abah datang
Abah :
assalamualaikum
Pangacara : waalaikum
salam. Bade naon abah miwarang simkuring kadieu?
Abah : abah teh bade nyieun surat wasiat ngenaan
pembagian harta warisan.
Pangacara : pan entos kamari ieu.
Abah : bade aya perubahan
kulantaran barudak teh rariweuh ngarebutkeun bagianana. Abah mah alim lamun
perkawis warisan jadi diparebutkeun tur jadi piparaseaeun.
Pangacara : oh muhun atuh ari kitu mah, mangga
urang mulai wae.
Saberes ngobrol ngabahas hak waris Pangacara mulang, tapi ditengah
perjalanan pangacara dicegat ku si neneng.
Neneng : bu kin heula.
Pangacara : Bade naon
teh ?
Neneng :
Tadi ngobrol naon wae sareung abah ? saha anu panggedena menang warisan ? pasti
neneng pan
anak pangkolotna.
Pangacara :
Aduh kinheula- kinheula, tadi naon wae pertayaana meuni riweuh teteh mah. Abdi
salaku pangacara abah,dipercaya megang rahasia perkawis harta warisan.
Neneng : oh atuh mangga uih.
Pangacara : Mangga ah
teh , assalamualaikum
Neneng : waalaikum
salam ( Sabari ngambek )
BABAK V
Sapertos biasa unggal isuk abah
encip ngopi di teras imah , tapi kopina
can sadia ditempat.
Abah :
narohh….narohhh…….mana kopi abah. ( ngageroan naroh anu keur aya didapur )
Naroh : oh muhun bah, kin heula.
Punteun bah tadi gulana seep jadi meser heula
kawarung.
Abah : muhun teu kunanaon.
Naroh : punteun bah, naroh bade kadapur deui masih seueur
padamelan didapur.
Abah :
oh muhun mangga
Teu lila saberes minum kopi
eta, abah ngajoprak .awakna geus teu bisa digerakkeun, titingalianna geus kabur.
Babaraha jam ti kajadian eta, eneng datang sabari mawa sapu niatna rek sasapu
diteras imah. Tapi eneng rewas kajida lantaran ningali abah tos ngajoprak dina
teras .
Eneng : abahh..abahhh……abah kunaon
Umiii…. Tetehhh…. Kadieuuu
Naroh, neneng, nining jeung
nunung datang.
Naroh : astagfirallah kunaon ieu abah. Pasti serangan
jantungna kumat deui.
Neneng : abah gugah bah.
Nining : nung enggalan nyandak obat abah.
Nunung : muhun teh
Tapi sawaktos sinunung nyandak
obat, manehna ningali obat anu merekn sianida Didapur . dicokot wae eta obat
ku si nunung
Nunung : teh ieu sanes obatna ?
Neneng : sanes nung , nu bener wae si abah rek dibere racun.
Nunung : ari ieu obat naon kitu teh
Nining : eta mah obat racun paragi kadaharan. Menang manggih
dimana eta obat?
Nunung : didapur teh.
Eneng : kin heula teh, naon eta merekna ?
Nunung : sianida.
Eneng : sianida? Tadipan obat abah seep jadi umi miwarang
eneng meser obat eta.
Neneng : ohhh…..jadi nu ngaracun siabahna manehh.
Naroh cicing sabari nyumputkeun
wajahna anu siga kasieunan.
Eneng : duka eneng mah dipiwarang umi.
Neneng : narohhhh…jadi salama ieu maneh boga niat jahat ka
kaluarga kami?
Nining : tos teh tos, ayeuna mah urang candak heula si abah
karumah sakit.
Urang serahkeun wae perkara ieu ka polisi.
Tapi samemeh nepi ka rumah sakit siabah tos teu sempeut disalametkeun.
Samentara si naroh ditangkap polisi, kusabab jadi tersangka ngaracun siabah.
Ternyata salama ieu teh Si naroh anu katingali bageur, nurut ka salaki jadi
paribasana mah musuh didalam selimut tur salama ieu manehna teh boga niat rek
nguasaan hartana si abah. Padahal tungtungna mah harta warisan teh dibikeun
kapanti asuhan. Tapi tiharita anak-anak abah barageur tur arakur ka si eneng
********THE END ****
KARYA :
RISTA NOVEL YULYANTI
No comments:
Post a Comment