Wednesday, March 5, 2014

CONTOH DRAMA SUNDA

WARISAN ABAH ENCIP


XII IPA 4
ANGGOTA :
Lisna Holipah
Muhamad zakky lazuardi
Nur Anissa Anggraeni
Ricka Widya
Rista Novel  Yulianti
Ulfa Nurajizah
Wulan Destiani Saputri

SMAN 1 PALABUHANRATU



NAMA- NAMA TOKOH
Abah encip         : Muhamad zakky lazuardi
Naroh                  :  Ricka Widya
Neneng                :  Lisna Holipah
Nining                 :  Wulan Destiani Saputri
Nunung               :  Rista Novel  Yulianti
Eneng                  :  Nur Anissa Anggraeni
Pangacara            :  Ulfa Nurajizah

 Dihiji kampung aya hiji kaluarga anu kasohor bengharna nyaeta kaluarga abah encip anu hirup jeung 2 istrina, sarta 4 anakna. Hiji poe kaluarga abah encip menang musibah nyaeta salah sahiji istri nu kolot tilar dunya. Tiharita 3 anak abah encip rariweuh marebutkeun harta warisan kusabab sieun harta warisan dipasrahkeun kaistri kadua jeung 1 anakna, sagala cara dilakonan pikeun menagkeun warisan eta.
BABAK I
Sarengse acara pamakaman , kaluarga abah encip balik ka imah. Abah encip kacida sedihna ditingalkeun kuistri kolotna.
Abah               : ( Abah keur  ceurik diruang tamu )
Naroh                          : Tos atuh abah, sing tabah. Ikhlaskeun nu tos teu aya, supaya teu jadi beban                     kanu tos teu aya.
Eneng              : Muhun abah sing sabar.
Tuluy datang 3 anakna
Neneng            : Tos abah , sing sabar we ayenamah. Teteh ge da sedih.
Nining             : Tos abah.
Nunung           : Ari abah nyaah ka umi mah anguran mah doakeun, atawa susul wae.   (kaceplosan )
Naroh                          :  Ayeuna mah abah istirahat heula , hayu bah ka kamar. ( ngagandeng abah ka kamar )
Anak-anakna nuju ngobrol diruang tamu
Neneng           : Pan siabah tos sepuh, si umi tos teu aya. Kumaha lamun ayeuna urang menta bagian warisan ka siabah.
Nining & Nunung : Tah eta anu  nuju dipikirkeun teh.
Neneng            : Hayu atuh urang ka si abah.
Eneng              : Kin deui we atuh teh, abahna pan nuju istirahat.
Neneng            : Sauran jung abahna.
Eneng                          : Alim ah teh, karunya abahna. Engkin deui we nyarioskeun warisan mah teh, pan nuju saredih keneh.
Neneng            : Tong sok mamatahan.
Nining             : Teunang we eneng ge kabagian karak saeutik mah.
Eneng                          : Sanes kitu teh, eneng mah teu kadodolo ku warisan. Ayeuna mah anu dipikkeun mah kasehatan si abah we.
Nunung           :  Alahhhh... iyeu budak leutik, ngomong kos kolot              
Neneng            : Ieu budak so’ mamatahan. ( sabari ngajewer ceuli si eneng ).
Nunung           : Jewer lah teh jewer... !
Eneng              : Aw.. aw.. ampun teh.
Neneng            : Sakali deui so’ mamatahan, Awass.. !
Eneng              : Muhun teh..( ceurik )
Naroh datang nyampeurkeun lantaran ngadenge sora anu ceurik,
Naroh              : Aya naon ieu teh ?
Nining             : eta,, bieu si eneng tisoledat.
Naroh              : Eneng kunaon ?
Eneng              : Teu kunanaon mi.
Naroh              : kadieu urang obatan, mana nu nyeurina ? ( sabari mawa si eneng ka kamar )
Nunung           : aya bener na oge sih teh si eneng, si abah pasti keur sedih keneh ayeuna mah, enjing deui we ngobrol jeung si abah mah.
Neneng            : muhun enjing deui we lah.
BABAK II
Poe isukanana neneng, nining, nunung neruskeun deui obrolanana perihal warisan tea. Tuluy
Neneng, nining, nunung : assalamu’alaikum abah..
Abah               : bade naon ieu puteri-puteri abah  isuk-isuk tos ngabageuran kieu ?
Neneng           : kieu bah, pan lisna anak pang kolotna kedap deui oge bade ninggalkeun abah da istri mah engkin ge dicandak ku suami-suamina.
Abah               : teras???????
Eneng              : kami rek nyuhunkeun bagian warisan kami.
Abah               : Naon ?
Eneng              : Kami rek nyuhungkeu bagian warisan ( ngajorowok )
Nining             : piraku teu kadangu abah.
 Nunung          : ma’lum we teh ntos sepuh.
Abah                           : naon budak teh teu sopan ngomong jeung kolot jojorowokan, normal keneh ieu ceuli.
Neneng, nining, nunung : oooohhhhhhhh............. hampura abah.
Abah               : karak kamari ditinggalkeun ku si umi beres rariweuh ngomongkeun warisan.
Bangun geus teu baroga pikiran.
Duh gusti nu agung, kunaon ieu budak-budak hamba teh kadodolo ku warisan. (ceurik)
Nunung           : beres teh tong dipaksa, moal bener . engkin deui we , urang sacara halus mentana. (ngaharewos)
Neneng            : tos atuh bah , hapunteun, kami sadaya hilap.
Abah               : alhamdulillah atuh ari ngartos mah.
Kulantaran ningali  si abah reaksina kitu, budak-budakna teh  ngareuncanakeun siasat supaya kumaha carana menang warisan.
BABAK III
Di ruang tamu abah keur ngobrol jeung istrina (naroh )
Abah                           : Naroh, lamun engkin abah ninggalkeun dunya  ieu, punteun we pang ngajagaankeun anak-anak abah, sarta gunakeun harta abah sing bener jeung adil.
Naroh                          : Ah abah tong nyarios kitu, warisan mah bagikeun wae ka anak-anak abah supaya adil
Abah               :   lamun dibagikeun bakal jadi piparaseaeun.
Kabeneuran Neneng ngaliwat ngadangu obrolan abah jeung istrina, tuluy nyampeurkeun nunung
Neneng           : Hey, hey bieu teteh ngadangu obrolan si abah jeung si naroh, sigana harta warisan teh rek di ka si narohkeun jeung si eneng.
Nining : Hah..... ??? ( rewas )
Si Eneng  ngaliwat
Nunung           : Neng kadieu
Eneng              : Bade naon teh ?
Neneng            : Coba rayu ku eneng, menta warisan ka abah.
Eneng              : Alim ah teh, eneng teu ngarti warisan. Da maot oge moal nyandak harta.
Neneng            : Jadi eneng embung warisan ?
Nunung ngajongklokkeun si eneng nepi ka labuh, puguh we si eneng cerik, pas kaayan kitu Naroh datang
Naroh              : Aya naon ieu teh ?
Eneng              : Henteu mah.
Naroh              : tos atuh tong galak ka adi teh.
Neneng            : adi ?
Nining            :  Adi tapi teu sadarah
Nunung           : Parasit aranjeun mah
Naroh              : Astagfirullah.. ( sabari indit jeung si eneng )
BABAK IV
Tisaentos  ditingalkeun ku umi , si abah kaayaanana geringan wae, budak-budakna makin riweuh masalahkeun harta warisan.Tuluy si abah nelepon pangacara nitah datang ka imah abah
Pangacara        : Assalamualaikum
Naroh              : Waalaikum salam
Pangacara        : Bapana aya teu bu
Naroh              : Muhun aya mangga kalebet
Naroh neangkeun abah, tuluy si abah datang
Abah               : assalamualaikum
Pangacara        : waalaikum salam. Bade naon abah miwarang simkuring kadieu?
Abah               :  abah teh bade nyieun surat wasiat ngenaan pembagian harta warisan.
Pangacara        : pan entos kamari ieu.
Abah                           : bade aya perubahan kulantaran barudak teh rariweuh ngarebutkeun bagianana. Abah mah alim lamun perkawis warisan jadi diparebutkeun tur jadi piparaseaeun.
Pangacara        : oh muhun atuh ari kitu mah, mangga urang mulai wae.
Saberes ngobrol ngabahas hak waris Pangacara mulang, tapi ditengah perjalanan pangacara dicegat ku si neneng.
Neneng            : bu kin heula.
Pangacara        : Bade naon teh ?
Neneng           : Tadi ngobrol naon wae sareung abah ? saha anu panggedena menang warisan ? pasti neneng pan anak pangkolotna.
Pangacara        : Aduh kinheula- kinheula, tadi naon wae pertayaana meuni riweuh teteh mah. Abdi salaku pangacara abah,dipercaya  megang rahasia perkawis harta warisan.
Neneng            : oh  atuh mangga uih.
Pangacara        : Mangga ah teh , assalamualaikum
Neneng            : waalaikum salam ( Sabari ngambek )
BABAK V
Sapertos biasa unggal isuk abah encip  ngopi di teras imah , tapi kopina can sadia ditempat.
Abah                           : narohh….narohhh…….mana kopi abah. ( ngageroan naroh anu keur aya didapur )
Naroh              : oh muhun bah, kin heula.
                        Punteun bah tadi gulana seep jadi meser heula kawarung.
Abah               : muhun teu kunanaon.
Naroh              : punteun bah, naroh bade kadapur deui masih seueur padamelan didapur.
 Abah              : oh muhun mangga
Teu lila saberes minum kopi eta, abah ngajoprak .awakna geus teu bisa digerakkeun, titingalianna geus kabur. Babaraha jam ti kajadian eta, eneng datang sabari mawa sapu niatna rek sasapu diteras imah. Tapi eneng rewas kajida lantaran ningali abah tos ngajoprak dina teras .
Eneng              : abahh..abahhh……abah kunaon
                        Umiii…. Tetehhh…. Kadieuuu
Naroh, neneng, nining jeung nunung datang.
Naroh              : astagfirallah kunaon ieu abah. Pasti serangan jantungna kumat deui.
Neneng            : abah gugah bah.
Nining             : nung enggalan nyandak obat abah.
Nunung           : muhun teh
Tapi sawaktos sinunung nyandak obat, manehna ningali obat anu merekn sianida Didapur . dicokot wae eta obat ku si nunung
Nunung           : teh ieu sanes obatna ?
Neneng            : sanes nung , nu bener wae si abah rek dibere racun.
Nunung           : ari ieu obat naon kitu teh
Nining             : eta mah obat racun paragi kadaharan. Menang manggih dimana eta obat?
Nunung           : didapur teh.
Eneng              : kin heula teh, naon eta merekna ?
Nunung           : sianida.
Eneng              : sianida? Tadipan obat abah seep jadi umi miwarang eneng meser obat eta.
Neneng            : ohhh…..jadi nu ngaracun siabahna manehh.
Naroh cicing sabari nyumputkeun wajahna anu siga kasieunan.
Eneng              : duka eneng mah dipiwarang umi.
Neneng            : narohhhh…jadi salama ieu maneh boga niat jahat ka kaluarga kami?
Nining             : tos teh tos, ayeuna mah urang candak heula si abah karumah sakit.
                        Urang serahkeun wae perkara ieu ka polisi.
Tapi samemeh nepi ka rumah sakit siabah tos teu sempeut disalametkeun. Samentara si naroh ditangkap polisi, kusabab jadi tersangka ngaracun siabah. Ternyata salama ieu teh Si naroh anu katingali bageur, nurut ka salaki jadi paribasana mah musuh didalam selimut tur salama ieu manehna teh boga niat rek nguasaan hartana si abah. Padahal tungtungna mah harta warisan teh dibikeun kapanti asuhan. Tapi tiharita anak-anak abah barageur tur arakur ka si eneng

********THE END ****

KARYA :
                      RISTA NOVEL YULYANTI

Reactions:

0 comments:

Post a Comment